B. Daerah

Pertanyaan

Tentukeun Purwakanti kawih es lilin

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Kawih
    Kelas : - (SD)
    Pembahasan :

    Purwakanati nyaeta padeukeutna sora engang antara kekecapan anu dina rumpaka hiji puisi. Aya dua rupa purwakanti, nyaeta purwakanti rantayan jeung purwakanti runtuyan. Purwakanti rantayan nyaeta purwakanti antar kekecapan anu aya dina hiji padalisan puisi. Sedengkeun purwanti runtuyan nyaeta purwkanati antar kekecapan anu aya dina antar padalisan anu aya dina hiji puisi.

    Salian ti istilah purwakanti, dina puisi Sunda aya oge istilah anu disebut guru lagu. Guru lagu nyaeta sora engang tungtung anu aya dina unggal padalisan. Sanajan purwakanti henteu sarua jeung guru lagu, tapi tina guru lagu bisa ditangtukan atawa ditilik naha kekecapan anu aya murwakanti atawa henteu.

    Nilik kana rumpaka kawih Es Lilin di handap, Guru lagu kawih Es Lilin nyaeta (o,i,a,i), (u,i,u,i), (i,a,i,a), (a,a,a,a), (i,a,i,a). Sedegkeun umpama ditilik tina purwakantina, dina kawih Es Lilin ngan aya purwakanti runtuyan. Kekecapan anu murwakanti dina kawih Es Lilin nyaeta saperti kecap sukajadi jeung ngajadi, kecap Bandung jeung bararingung, kecap cipaganti jeung ngajadi, kecap munding jeung teuing, kecap saputangan jeung jungjunan, kecap dikalapaan jeung bina, paduduaan, kamana-mana, kecap kincir jeung pikir, jeung kecap bulan jeung sabulan.

    Salian dina antar kekecapan anu aya dina unggal tungtung padalisan, dina antar kekecapan anu aya dina unggal awal atawa tengan padalisan oge aya anu murwakanti, saperti kecap lilin murwakanti jeung kecap isin, kecap dunungan jeung dunungan, sara kecap kaler jeung paler.

    Es LiLin

    Es lilin mah didorong-dorong
    dibantun mah dibantun ka Sukajadi
    abdi isin dunungan samar kaduga
    sok inggis mah aduh henteu ngajadi

    Es lilin mah ceuceu buatan Bandung
    dicandak mah geuning ka Cipaganti
    abdi isin jungjunan duh bararingung
    sok inggis mah aduh henteu ngajadi

    Itu saha dunungan nu nungtun munding
    digantelan geuning ku saputangan
    itu saha dunungan ku ginding teuing
    sing horeng mah aduh geuning jungjunan

    Es lilin mah ceuceu dikalapaan
    raosna mah geuningan kabina-bina
    abdi alim dunungan paduduaan
    sok sieun mah dibantun kamana-mana

    Kamana mah geuningan ngaitkeun kincir
    ka kaler mah ka kaler katojo bulan
    kamana mah dunungan ngaitkeun pikir
    moal paler geuningan da ku sabulan

Pertanyaan Lainnya