B. Daerah

Pertanyaan

Conto kalimat saharti

1 Jawaban

  • Meureun nu dimaksud teh conto kecap saharti, lain conto kalimat saharti. Kecap saharti sarua hartina jeung sinonim. Nu perlu diperhatikeun dina neangan conto kecap saharti nyaeta usahakeun neangan kecap nu ragam basana sarua. Sabab lamun ragam basana teu sarua tangtu kalimahna oge moal sarua. Dina Tatakramam Basa Sunda, atawa nu baheula mah sok disebut Undak usuk Basa Sunda, aya dua ragam basa nyaeta ragam basa hormat / lemes jeung ragam basa loma.

    Pembahasan

    Dina ragam basa hormat / lemes aya dua rupa basa lemes nyaeta basa lemes pikeun ka sorangan jeung basa lemes pikeun ka batur. Ayana ragam basa dina basa Sunda teh lain ditujukeun pikeun ngabeda beda status sosial jalma, tapi ditujukeun pikeun ngahormat ka kolot atawa ka anu saluhureun sarta ngajenan ka anu sahandapeun atawa anu sapantar. Pikeun ngajawab pananya dii luhur, di handap ieu nyaeta sawatara conto kecap saharti jeung conto kalimahna:

    1. Siga = Kawas, conto kalimahna : Eta tas teh siga/kawas anu dibeuli di Bandung kamari nya?
    2. Gampang = Babari, conto kalimahna : Soal matematika eta mah atuh gampang/gampil pisan
    3. Sangkan = Supaya, conto kalimahna : Samak teh poe atuh di luar sangkan/supaya teu baseuh kitu
    4. Gumbira = Atoh, conto kalimahna : Heni kacirina gumbira/atoh pisan dipangmeulikeun sapeda teh
    5. Tangtu = Pasti, conto kalimahna : Eta ember teh lamun teu ditambal mah tangtu/pasti bocor  

    Pelajari lebih lanjut

    • Tatakrama Basa Sunda brainly.co.id/tugas/11761324
    • Undak usuk Basa Sunda https://brainly.co.id/tugas/11533355
    • Ragam bahasa Sunda brainly.co.id/tugas/320344

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : III

    Mapel : Bahasa Sunda - Hormat Ka Kolot Jeung Ngajen Sasama

    Bab : 8

    Kode : 3.13.8

    Kata Kunci : Conto kecap saharti, conto kalimat saharti

Pertanyaan Lainnya