Naon anu jadi garapan pangajaran basa dina rumpaka kawih?
B. Daerah
nninalestari97
Pertanyaan
Naon anu jadi garapan pangajaran basa dina rumpaka kawih?
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kawih nyaeta salahsahiji rupa lalaguan Sunda. Aya sawatara rupa lalaguan Sunda, nyaeta saperti kawih, kakawihan jeung tembang. Umpama ditilik tina rumpakana, kawih, kakawihan jeung tembang mangrupakeun karya sastra wangun ugeran atawa puisi. Kawih jeung kakawihan nyaeta wangun puisi anu henteu kaiket ku aturan. Sedengkeun tembang nyaeta wangun puisi anu kaiket ku aturan, nyaeta aturan anu aya dina pupuh. Aturan anu aya dina pupuh disebutna guru lagu jeung guru wilangan.
Umpama rumpaka kawih henteu kaiket ku aturan, terus naon atuh anu bisa dijadikeun garapan basa dina rumpaka kawih?. Sanajan rumpaka kawih henteu kaiket ku aturan, saperti aturan guru lagu jeung guru wilangan anu aya dina pupuh, dina rumpaka kawih aya sawatara unsur anu bisa digunakeun pikeun nilik atawa nganalisa rumpaka kawih. Unsur-unsur anu aya dina rumpaka kawih nyaeta unsur jejer atawa tema, unsur nada jeung suasana, unsur rasa, jeung unsur amanat.
Tema atawa jejer kawih nyaeta hal poko anu ngajiwaan eusi rumpaka kawih. Nada jeung suasana kawih nyaeta sikep anu nulis rumpaka kawih anu karasa ku anu ngaregepkeun atawa nu maca kawih. Rasa kawih nyaeta anu ngagambarkeun sikep nu ngawih kana poko pasualan nu aya dina rumpaka kawih. Kukituna rasa kawih bakal kaciri umpama eta kawih dihaleuangkeun. Amanat kawih nyaeta perkara atawa pasualan anu hayang ditepikeun ku anu ngahaleuangkeun kawih atawa anu ngarang kawih ka anu maca atawa anu ngaregepkeun eta kawih.
Salian ti unsur-unsur anu aya dina rumpaka kawih di luhur, dina nyieun rumpaka kawih oge aya lengkah-lengkah anu kudu diperhatikeun sangkan rumpaka kawih anu dijieun alus tur endah. Lengkah-lengkah atawa unsur-unsur anu kudu diperhatikeun dina nyieun hiji kawih nyaeta unsur tema, suasana, imaji, simbol, pilihan kecap anu merenah tur endah saperti anu ngadung wirahma, murwakanti jeung gaya basa.