Dina wangun naon umumna rumpaka kawih sunda buhun teh?
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Umumna rumpaka kawih Sunda buhun teh nyaeta dina wangun sisindiran. Kawih nyaeta salahsahiji rupa lagu Sunda. Aya sawatara rupa lagu Sunda nyaeta kawih, kakawihan jeung tembang. Ditilik tina rumpakana, kawih, kakawihan jeung tembang mangrupa karya sastra dina wangun ugeran atawa puisi. Ditilik tina rumpakana kawih kaasup kana puisi Sunda.
Pembahasan
Jadi, umumna rumpaka kawih Sunda buhun mah ditulisna dina wangun sisindiran, sedengkeun rumpaka kawih kiwari mah wangunna bebas, saperti sajak. Kukituna, kawih kiwari mah ditilik tina rumpakana mangrupa wangun puisi anu henteu kaiket ku aturan, saperti sajak. Sajak kungsi disebut "sajak bebas", sedengkeun kawih sok disebut oge "lalaguan Sunda bebas".
Pelajari lebih lanjut
- Contoh kawih https://brainly.co.id/tugas/433806
- Perbedaan kawih dengan pupuh https://brainly.co.id/tugas/330707
- Kawih, kakawihan jeung tembang https://brainly.co.id/tugas/6730910
__________
Detil Jawaban
Kelas : VIII
Mapel : Bahasa Sunda - Kawih
Bab : 1
Kode : 8.13.1
Kata Kunci : Kawih, puisi Sunda