B. Daerah

Pertanyaan

naha urang hirup kudu sauyunan?
di mana wae urang kudu hirup sauyunan teh?
naha urang hirup kudu sauyunan? di mana wae urang kudu hirup sauyunan teh?

1 Jawaban

  • Hirup sauyunan nyaeta hirup babarengan bari silih asih jeung silih tulung. Urang kudu hirup sauyunan supaya urang hirup tengtrem, sabab ari jelema mah kadang aya di luhur kadang aya di handap, kadang ngabantu ka batur kadang dibantu ku batur, jadi dina hiru kudu silih asih jeung silih tulung, kudu hirup sauyunan.

    Hirup sauyunan teh bisa di mana wae, ti mimiti hirup jeung dulur, tatangga sa RT, tatangga sa RW, batur sasakola, batur sa pagawean, sa kota, malahan nepi ka sanagara. Hirup sauyunan bisa dimimitian ti lingkungan anu leutik nyaeta hirup sauyunan jeung dulur saimah atawa sakulawarga, jeung hirup sauyunan jeung tatangga.

    Kategori Soal : Bahasa Sunda

    Kelas : - (SD)

    Kata Kunci : Hirup sauyunan